Text
Dukun Lepus
Kalemahan dina ngagunakeun basa Sunda teh henteu kapanggih dina carita-carita pondok Ahmad Bakri anu dimuat dina Dukun Lepus mah. Ahmad Bakri tapis pisan ngagunakeun basa Sunda anu hirup tur sanajan anjeunna ge henteu bisa ngaleupaskeun diri tina pangaruh basa Indonesia tapi ku anjeunna mah jengglenganana jadi Nyunda, sabab panginditanana mikir dina basa Sunda, ngawangun ungkara kalimahna dina basa Sunda. Kabehna aya 41 carita anu dimuat dina Dukun Lepus teh. Rea anu nyaritakeun kahirupan di lembur Sunda, anu ditulis ku Ahmad Bakri kalawan tapis nu ngagambarkeun yen anjeunna wawuh-wanoh kana kahirupan jeung kajiwaan urang lembur nu tara rea codeka. Dina gunem catur pangpangna, anjeunna rea ngagunakeun kecap-kecap dialek lembur asalna (Rancah, Ciamis) anu ku kituna ngabeungharan kosa kecap basa Sunda. Humor anu sering leleb-anteb sering kapanggih dina carita-caritana, bangun ngajak nu maca sangkan diajar nyeungseurikeun kalakuan sorangan anu henteu merenah. Nu dicaritakeunana ti jaman samemeh perang (“jaman normal”), jaman Jepang, jaman revolusi kamerdikaan datang ka jaman kiwari, nepi ka carita-carita pondok nu dimuat dina Dukun Lepus teh sacara henteu langsung mangrupa panorama kahirupan lembur jeung urang Sunda sapanjang jaman. Ku Ahmad Bakri kagambarkeun barobahna ajen-inajen kahirupan dina unggal jaman, nepi ka carita pondokna salian ti miboga ajen sastra teh miboga ajen dokumentasi sosial deuih. Cindekna ku carita-carita pondok anu dimuat dina Dukun Lepus, Ahmad Bakri ngabeungharan khazanah sastra Sunda ku karya anu luhur ajenna.
Tidak tersedia versi lain